Lulu dan Usianya yang Sudah Menginjak 11 Tahun

Teteh, saleresna Aang--oge Mamah sinareng Aa, sadaya kaluarga, terutama Lulu--tos kangen pisan ka Teteh. Oia Teh, Aang hoyong carios. Kamari, ping 17 Februari 2011, Kang Badri nikah. Aang oge, nyahakalna teu ningalan, teu uih ka bumi kumargi aya saalit masalah. Aang oge atos nyuhunkeun dihapunten, nyerat dina bilik facebook Kang Badri, tapi Kang Badrina duga ngawaleran duka henteu.

Teh, kumaha kabarna ayena? Pamugi sehat selalu wae, sareng dipasihan kamudahan dina sagala urusan, termasuk oge rezeki, pamugi ngalimpah ruah. Teteh, ayena Lulu tos ageung, yuswana parantos 11 tahun. Sakolana di Sempurcagak, ayena kelas 5. Ieu potona, dicanak waktos hape nukapungkur masih aya. Alhamdulillahna, masih nyonong keneh dina flashdisk, jantena dina dangeut ieu Teteh tiasa ningal Lulu nu ayena.

Salam wae ti Aang, Mamah, Aa, Lulu, Lita, Ayu, sinareng sakaluarga ti dieu. Sukses wae saterasna kango Teteh. n_n

Komentar

Postingan populer dari blog ini

AYAT-AYAT PEDUSUNAN (Telaah Puisi "Cipasung" Karya Acep Zamzam Noor)

First Making Love of Etaqi

Sabar, Rajin Shalat, dan Tekun Beribadah merupakan Bagian dari Tujuan Pendidikan dalam Islam